Bubuka



Keur Anaking :
Muhammad Riga Cikal Nugraha
jeung
Rima Aisha Zahra
(Nu 25 jeung 24 Maret 2002 milang taun nu ka sapuluh jeung ka lima)



isukan jaga pageto
bakal harudang pating kodongkang
nu ngawarah si calutak


Riga jeung Rima,
Ahad jeung Senen isuk, hidep duaan tepung taun. Bapa nganuhunkeun ka Gusti Nu Maha Agung geus mercayakeun hidep duaan ka Bapa jeung Mamah.

Bapa oge nganuhunkeun ka Gusti nu Murbeng Alam, almahdulillahhi robbal alamin, hidep geus bisa maca jeung nulis, geus bisa mimiti ngotektak kahirupan ilaharna jalma hirup. Sanajan, enya, naon nu dikotektak ku hidep teh tangtuna ge can naon-naon. (Tong boroning hidep, dalah Bapa ge, sanajan geus kolot siga kieu, rumasa can boga nanaon. Can manggih nanaon, komo mawa nanaon mah -- nu bisa disanggakeun ka Anjeunna).

Lalakon hidep duaan masih panjang. Kukituna, tong bosen ngotektak. Tong bosen diajar. Kawajiban urang ngan saukur kadinya. Kahontal heunteuna, saheulaanan, lain urusan urang. Bapa ngadu'a mugia Gusti nangtayungan lalakon hidep duaan. Mugia hidep aya dina karahayuan, kawaluyaan, jeung kasalametan -- dunya lan aherat.

Lian ti nganuhunkeun jeung ngadu'akeun, ieu ku bapa hidep duaan dihadiahan hiji catetan sajarah. Sajarah Bogor, kota nu lain bae jadi sarakan aki jeung ninin, tapi sarakan pikeun sakumna urang Sunda. Malah satemenna, ieu teh cikal bakal naon nu disebut Republik Indonesia.

Ceuk sajarah, karajaan-karajaan nu aya di Nusantara, nu engke jadi Indonesia tea, di mimitian ti lebah dieu. Persisna ti Salakanagara, hiji nagara nu dikira-kira aya di palebah Pandeglang ayeuna. Eta nagara ngadeg ti mimiti taun 130 M. Ti Salakanagara eta, karajaan-karajan lianna aya. Boh, Tarumanagara, Kendan, Galuh, Kawali, oge nu lianna. Kaasup Majapahit, nu sok remen dianggap jadi asal muasal, sakaligus -- kurang leuwih -- "blue print", Indonesia.

Ieu catetan ku Bapa dicokot ti milis Ki Sunda di Yahoogroups, yasana posting-posting Bapa Gunawan Jusuf. Kukituna, lian ti ka pangurus milis Ki Sunda, urang wajib nganuhunkeun ka haturan Bapa Gunawan, oge anu midamel ieu seratan -- nyaeta Bapa Dadan Hindayana -- nu tos ngiring mitembeyan sareng ngeuyeubkeun nyebarna "artefak-artefak" sajarah Sunda di dunya cyber. Ku cara kitu, lain bae urang teu pareumeun obor, loba saeutik dangiang Ki Sunda ge bisa ngilu kaangkat.

Panutup ti Bapa: Naon nu dicatet di dieu regepkeun kalayan gemet. Cokot nu alusna, piceun nu gorengna. Lain bae pikeun ngangkat harkat jeung martabat kahirupan aranjeun. Tapi, oge harkat jeung martabat kahirupan jalma sakabeh.


Arteri, 23 Maret 2002, jam 04.41 WIB

Du'a Bapa,


Maman Gantra






Anda pengunjung ke :
40617



saran dan informasi klik di sini!



Perceka Communication & Organizer